Filosofi Alm.H. MA'SOEM : Nu halal oge teu kadahar, nanaonan neangan nu haram, Mun Ngomong kudu aya bukurna. Ngomong Anyeuna Kudu Bisa Dipake isuk, Munding Dicekel Talin, Insa Manusa Omonganna. Nurus Domba Diarah Dagingna. Ngurus Anak teu sholat nyilakakeun Kolot. Kade Tong Ninggalkeun Sholat, jeung Kudu nyaah ka nu leutik, KUDU sieun ku jalma leutik Lantaran du'ana gampang di ijabah. Tong hurung Barambang. Mun aya nu muji hareupeun, awuran ku kesik. Mun teu bisa Seuri mah Tong Dagang, da Seuri mah teu meli. Lain gede leutik hutang, Tapi aya I'tikad ngalunasanana. Mending di tipu Tibatan Nipu. Mun AYA nu Ngondang Usahakeun Datang. Tong Nolak Tamu, Lantaran sok Mawa Barokah. Mun Hayang hayang hasil Pamaksudan, kudu daek peurih. Kudu ingeut kana purwadaksina. Hidup tong boros Tapi ulah Bakhil. Jadi jelema kudu jujur, In Sya Allah dimana Wae BISA HIRUP.
Senin, 08 Februari 2010
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar